DASAR ANU BORANGAN

Ku: Yuyu Listiana, SP., S.Pd.

 

Poe Minggu rebun-rebun keneh  Sandiora (Dora) jeung Raimond (Emon) geus arindit nuju ka Terminal Guntur, maranehna geus jangjian jeung babaturanana arek indit bareng. Babaturan Dora jeung Emon teh ngarana Senen, manehna urang Jawa ngan geus rada lila cicing di Garut.  Dora jeung Emon naraek angkot saeunggeusna tepi ka terminal tuluy we naraek  kana elf nu kabeneran elfna keur ngetem.  Teu kungsi lila Senen norojol turun tina angkot, sarta digupayan ku Emon.  Senen naek kana elf manehna diuk dina jok kadua, ari Dora jeung Emon diukna di hareup.  Dora jeung Emon teh salaki pamajikan, kabeneran harita Dora keur kakandungan kurang leuwih dua bulan bisa disebut keur meumeujeuhna mabok ngidam.  Manehna maksakeun indit bareng jeung salaki sarta babaturanana, sabab boga pancen tugas ti nagara pikeun ngabina kelompok tani hutan nu aya di daerah pakidulan.

Rada lila elf ngetemna sabab panumpang kakara saeutik.  Kira-kira tabuh 06.30 elf kakara ngageuleuyeung mimiti maju.  Elf anu ditumpakanteh elf jurusan Bungbulangan, sabab elf jurusan Cisewumah ngan saeutik jadi rada jarang jeung teu apal waktu aya jeung inditna tabuh sabaraha-sabarahana.  Cukup lila di perjalanan, Dora geus nyuuh-nyuuh we dina elf teh tayohna puyeng kuhiji kudua, puyeng ku ngidam puyeng ku mabok mobil ongkoh.  Tabuh 11 leuwih elf geus nepi di Terminal Bungbulang. Dora, Emon jeung Senen tarururun tina elf.  Istirahat sakeudeung ngalempengkeun cangkeng jeung bitis anu lumayan cangkeul asa ngabagel  sababaraha jam dina elf.  Komo Dora mah nepi ka nangunjar ngalungsar bakatning ku ripuh.

Geus ngarasa cukup istirahat Dora, Emon jeung Senen tuluy naek elf deui anu jurusan ka Cisewu.  Kurang leuwih tabuh 13.00  geus nepi ka Terminal Cisewu, kabeneran Kantor UPTD Kahutanan teu  jauh ti terminal, atuh tuluy wae Dora, Emon jeung Senen arasup ka Kantor.  Bisa disebut tepat waktu nepi ka Kantor teh sabab tabuh 14.00 arek aya riungan jeung kelompok-kelompok tani hutan nu aya di wilayah Kacamatan Cisewu, jadi Emon jeung Senen bisa istirahat heula samemeh acara dimimitian.  Kabeneran Emon jeung Senen mah  kelompok binaanana sarua sawilayah nyaeta kelompok tani hutan  nu aya di Kacamatan Cisewu.  Ari Dora mah kelompok binaanana teh aya di wilayah Kacamatan Cikelet.

Singget carita acara riungan/ngabina kelompok tani hutan wilayah Kacamatan Cisewu geus di mimitian sarta lancar nepi ka rengsena.  Dora mah da puguh ripuheun teu miluan acara riungan di Aula, manehna istirahat wae di kantor.  Acara pembinaan rengsena teh geus burit  atuh Dora, Emon jeung Senen ngarereb wae di Kantor Kahutanan, nu kabeneran aya 2 kamarna anu kosong di eta Kantorteh.  Isukna isuk-isuk keneh Senen geus pamitan arek balik deui ka Garut da tugas manehna mah geus rengse.  Tuluy wae Senen mah naek kana elf jurusan Cisewu-Garut.  Ari Dora jeung Emon teu bisa waka balik sabab tugas Dora teu acan rengse, wilayah binaan kelompok tani hutanna aya di wilayah Kacamatan Cikelet.

Ti Cisewu Dora jeung Emon  nuju ka Bungbulang, kabeneran aya kulawargana Emon di Bungbulang teh, jadi sakalian silaturahmi sakalian oge arek milu ngendong samemeh tuluy ka Cikelet.  Dora jeung Emon ngendong sapeuting didulurnateh, isukna maranehna dianteurkeun ngojeg ku dulurna tea dirempet samotor nuju ka Kacamatan Cikelet make jalan pakenjeng Cijayana.  Cukup lila dina motor di jalan teh akhirna mah nepi oge ka Kacamatan Cikelet.  Dulurna emon ukur nepi ka kacamatan nganteurkeunana teh, manehna tuluy balik deui ka Bungbulang.

Ti Kacamatan Dora jeung Emon naek deui ojeg nuju ka Kampung Tipar, jauh pisan ti Kantor Kacamatan Cikelet teh jeung jalana tarahal deuih.  Pabeubeurang kakara nepi ka kampung Tipar,  Dora jeung Emon mapayan ka kelompok-kelompok binaan Dora, panungtung ka kelompok anu aya di Kampung Jojok.  Geus rengse ngabina jeung ngabingbing kelompok-kelompok tani hutan, Dora jeung Emon nuluykeun lalampahan arek nuju ka Kampung Linggamanik maksudna arek muru ngendong ka lembur indungna Dora, nu kabeneran Dora mah kolotna urang Kampung Linggamanik.

Dora jeung Emon tatanya ka warga jalan ka Linggamanik. Ti kampung Jojok ka Linggamanik teh ngaliwatan sababaraha lembur. Hujan mimiti kerep geus burit reupreupan magrib jeung euweuh kandaraan deuih, leumpang oge mapay jalan satapak, ngaliwatan kebon taringgul ku batu.  Dora jeung Emon teu engeuheun marukan nu taringul teh batu kebon biasa ari pek disidik-sidik anu diliwatan teh kuburan wungkul.   Liwat adan magrib nepi ka Kampung Sawah Bera, didinya Dora jeung Emon istirahat sakalian solat magrib heula.   Di eta lembur Dora jeung Emon disambat ku Pa Ropik, ari Pa Ropik teh babaturan Dora waktu ngawulang di Mts Al-Falah Linggamanik.  Lila istirahat di bumina Pa Ropik teh nepi ka disuguhan sangu, eukeur mah cape ka tambah ngadagoan hujan raat deuih.  Kira-kira tabuh salapan peuting hujan kakara raat, Dora jeung Emon pamitan arek neruskeun lalampahan nuju ka Linggamanik lembur indungna Dora.  Pa Ropik nyandet, nitah ngendong di bumi anjeuna alesanana hujan murubuy keneh pangpangna mah wahangan Cipasarangan  anu arek diliwatan caina caah badag pisan.  Dora maksa keukeuh hayang  ngendong teh ka indungna, sabab poe isukna kudu geus balik deui ka Garut kudu nyetorkeun laporan data kelompok-kelompok binaan.

Akhirna Pa Ropik nyatujuan bari anjeuna jeung warga ngabring nganteurkeun Dora jeung Emon anu arek meuntas wahangan.  Biasana aya sasak rawayan di lebah dinya teh  ngan harita mah  teu aya lantaran sasakna cenah buntung palid ka bawa cai caah badag.  Nepi ka sisi wahangan Dora jeung Emon saroakeun ningali wahangan sakitu legana pinuh ku cai caah anu sakitu ngagulidagna.  Salah saurang warga nyobaan meuntas milih dinu rada lengsar, sihoreng caina semet dada.  Bari pok ceuk anjeuna, “hayu palih dieu teu tarik teuing caina”.  Sawareh warga narangtung di sisi wahangan bari nyarepeng obor nyaangan, sawareh deui aya opatanana geus tarurun ka wahangan.  Bari jeung soak Dora jeung Emon ditarungtun ku duan-duan dicepengan kenca katuhu dibawa meuntas ku warga.  Kantong anu diakod Emon dibawa dipangmeuntaskeun di suhun ku warga.  Emon kacida soakeun pisan da puguh manehnamah Saumur buleud hulu kakara nyorang cai caah anu sakitu jero jeung badag caina.  Akhirna Dora jeung emon nepi ka sisi peuntas wahangan kalayan salamet sanajan bari cipruk sakujur awak baraseuh.  Dora jeung Emon kacida nganuhunkeunana kana pitulungna Pa Ropik jeung warga anu geus nulungan meuntaskeun.  Dora jeung Emon ku Pa Ropik dibahanan obor hiji ewang, sabab lalampahan jauh keneh kurang leuwih sajaman deui nepi ka lembur indungna Dora teh.

Tidinya katelahna Kampung Karang Sari Dora jeung Emon (Emon mawa kantongna dibalikeun di hareup) nuluykeun lalampahan bari pakean cipruk baraseuh duanana.   Dora diiringkeun ku Emon  bari nyepeng obor hiji ewang, Dora gegerenyeman wawacaan sajajalan da puguh inget manehna keur kakandungan.  Kabeneran didinya mah jalan anu diliwatan teh jalan geude jalan mobil ngan jalana sepi di tengah sawah, euweuh lembur sisi jalan anu ka liwatan.   Salila perjalanan Dora jeung Emon jarempe teu aya anu lemek teu aya nu nyarek  jiga anu taregang, tayohna duanana fokus kana tincakeun meureun.  Geus lila kurang leuwih aya satengah jamna perjalanan di tengah-tengah sawah anu jauh kaditu  kadieu, Emon noel bari rada metot  ka Dora anu keur ngungkug leumpang bari nyepeng obor, bari Emon nyarita, “tingal itu di payun naon ?”.  Atuh puguh Dora kaget pisan, manehna teu sirik luncat balik badan nubruk Emon,  Emon nepi ka ngajengkang kana sawah (kabeneran Emon leumpangna nyisi) bari oborna ngacleng  ka tengah jalan.  Emon uyek-uyekan kokosehan heseeun cengkat da puguh labuhna nangkarak  bari kana leutak rada jero.  Ari Dora saenggeusna nubruk  Emon manehna labuh tisukruk kana solokan, oborna pareum da kana cai.  Sanajan bari nyeri jeung sieun Dora buru-buru  cengkat muntangan Emon nu heseeun hudang, bari geumpeur jeung soak (bari nyepengan leungeun Emon) Dora nanya ka Emon, “aya naon taditeh ?”  Emon teu nolih awakna nu lamokot ku leutak  buru-buru (rusuh) nyokot obor nu tadi ngacleng ka tengah jalan (seuneuna geus arek pareum) bari nembalan lalaunan, “itu di payun aya anu ngabelegbeg bodas”. Ceuk Emon bari ngacungkeun obor (maksudna ngarah katingali ka hareup).  Puguh we Dora beuki sieuneun manehna tipepereket nyepengan leungeun Emon bari ningali ka anu dituduhkeun ku Emon.  Enya we ku Dora oge katingali aya anu ngabelegbeg bodas bari teu pati jelas da puguh poek peuting bari obor ukur hiji bari jarakna ka anu ngabelegbeg teh jigana kurang leuwih dua puluh meteran deui.  Bari pok Dora nyarita, “jiga dua itu anu bodas teh”.  Ceuk Emon, “muhun dua”.

Emon jeung Dora bingung bari sarieun duanana, arek balik deui katukang geus jauh bari arek kamana jeung kasaha, ari arek maju sieun da anu ngabelegbeg bodas aya wae jiga anu ngahaja megat ngadagoan ngaliwat.  Tungtungna ceuk Dora, ”naha nu bodas teh caralik wae ? (ceuk pikir dora lamun eta jurig atawa pocong bakal ngalayang atawa ngangkang)”.  Ceuk Dora, “cing urang caketan yuuu..!” Emon unggeuk bari maju duaan lempang ngarendeng (Dora teu lesot muntang ka Emon).  Saeutik-saeutik Emon jeung Dora maju (Emon bari ngacungkeun obor da hayang geura jelas ka anu bodas tea).  Beuki deukeut-beuki deukeut, ceuk Dora, ”anger caralik wae” .  Ceuk emon,  “muhun”.  Geus deuekeut pisan ceuk Dora ngaharewos, ”dugi kana taneuh heunteu ngangkang”. ( bari anger teu puguh teu jelas keneh katingalina).

Geus deukeut pisan berebet we Dora jeung Emon teh lumpat bari ti tatarajong ngaliwatan anu ngablegbeg bodas dua tea.  Geus rada jauh Dora jeung Emon malik deui ningali ka tukang, duanana aneh naha anu ngabelegbeg teh anger aya wae teu usik teu malik.  Emon kakara inget yen dina kantongna aya senter (geus sasayogian biasa lamun ka lapangan Emon sok mekel senter), ku Emon senter dikodok tina kantong tuluy disorotkeun ka anu ngabelegbeg bodas tea.  Disorot ku sentermah katingali jelas sing horeng anu dua ngablegbeg bodas teh karung, karung  keusik jiganamah.  Dora jeung Emon nyarenghel tina sieun jeung reuwas jadi hayang seuri era ku polah sorangan.  Ceuk  Dora ka Emon, “ pami tadi basa geubis kana leutak aya anu ningali, kabayang tada teuing urang  isinna “.  Emon teu nembalan, manehna ukur seuri leutik.

Singget carita Dora jeung Emon narepi ka imah indungna Dora.  Dora ngetrok panto bari uluk salam, ” assalamu alaikum” ceuk Dora. “waalaikum salam” bari bray panto aya nu muka sing horeng indungna Dora anu mukakeun panto teh.  Atuh puguh indungna Dora kacida kegeteunana (bari istigfar : “astagfirullohal adziim”  ceuk indung Dora) ningali anak jeung minantuna datang peuting-peuting bari kaayaan teu puguh rurupaan nya baraseuh nya lamokot ku leutak (komo Emon mah da puguh urut labuh tea ka tubruk Dora).  Geus ka jero saeunggeus sasalaman sarta nyium panangan indungna, indung Dora nanya : “nya tos ti marana wayah kieu heg keur kakandungan, sok lalawora ceuk kolot mah pang ulah-ulahna anu kakandungan ngider peuting, jaba eta mani lamokot ku leutak, ngan bae ketang itung-itung latihan meh kuat, keun wae anak kalong”. Ceuk indungna Dora. Dora ngajawab, “ (nerangkeun lalakona timimiti indit ti Garut nepi ka ngalaman meuntas semet dada jeung nepi ka lamokot ku leutak alatan sieun ku anu ngabelegbeg bodas).  Lanceukna Dora anu norojol ti dapur bari mawa cai jeung leueuteun babarakatakan seueurian bari poknateh,  ” cilaka ku polah sorangan “dasssar anu borangan”.

 

 

 

 

Identitas Penulis :

 

 

 

 

 

Nama                           : Yuyu Listiana, SP., S.Pd.

Tempat, Tgl. Lahir      : Garut, 12 Maret 1982

Alamat Rumah            : Kp. Mangkalaya RT. 03 RW. 04 Ds. Pangauban

                                      Kec. Cisurupan Kab. Garut

Tempat Mengajar        : SDN 1 PANGAUBAN

                                      Kec. Cisurupan

 

 

 

Komentar

Populer

HUT ke 76 RI

PUISIKU

Seuseurian

Aneh Tapi Asli