Aneh Tapi Asli
REK
NYAMBUNGAN BALIK DEUI
Ku : Yuyu Listiana, SP., S.Pd.
Haritateh poe Saptu, sarengsena shalat ashar
kuring dandan. Geus Badami jeung pun
lanceuk boga maksud arek nyambungan ka anu
hajat ngawinkeun. Kabeneran anu
rek hajat teh pilanceukanana pun lanceuk arek ngawinkeun incuna. Sakumaha kailaharan ibu-ibu mun rek
indit-inditan tara poho minimalna make haslin,wedak jeung lipstick bari tuluy
ditiung. Teu kaliwat sicikal oge
didandanan ditalekan,ditiungan sarta dijeketan. Saeunggeus beres dandan, ceuk
kuring ka pun lanceuk : “pah atos siap? hayu ah ayeuna, meh teu sonten
teuing..!” ceuk kuring. Pun lanceuk
ngajawab : “hayu manga, siap” poknateh.
Ceuk kuring :”pah sakantenan bari meser gas meh teu uah uih”. Kabeneran haritateh tabung gas geu kosong,
jeung nu dagang gas teh bakal kaliwatan.
Ceuk Pun lanceuk :”muhun manga”. anjeuna bari ngaleos ka dapur nyokot
tabung gas.
Singkat
carita kuring nyokot amplop anu jumlahna lima amplop,amplop kuring hiji anu
opat ibuna pun lanceuk jeung raka-rakana pun lanceuk naritip. Sebet keur dandan ku kuring amplop eta ditunda
heula digundukeun dina luhureun sapiker aktif sisi TV. Waktu arek indit amplop ku kuring dikeupeul
anu limateh dirempetkeun,bari nungtun sicikal kuring kaluar ti imah. Pun lanceuk oge sarua kaluar bari ngajingjing
gas. Cepret, panto dikonci ku pun
lanceuk.
Sarerea
geus dina teras imah, Ceuk kuring ka pun lanceuk :”pah, amplopna sakuan ku
papah. Nu mamah teu aya sakuan”. Saur pun lanceuk :”manga,sok atuh!”. Ku kuring bus we amplop anu limateh di kana
saku pun lanceukeun anu belah kenca,kabeneran haritateh pun lanceuk Makena
calan PDL,jadi sakuna nu di eusian amplop teh rada handap,handapeun saku
biasana. Saeunggeus amplop diasupkeun
tuluy we ku kuring ditutupkeun tutup sakuna sarta dikancingkeun. Sarerea tuluy arindit, kuring nungtun budak, pun
lanceuk ngajingjing gas.
Samemeh
nepi ka anu boga hajat, rada jauh keneh kuring nyimpang heula meuli gas sarta tuluy dibayar diduitan. Samemeh indit deui ceuk kuring ka tukang gas
: “aa, kumaha sawios ngaheurinan bade nitip heula?”. Ceuk tukang gas : “manga, teusawios, naha
bade kamarana kitu ?” poknateh. Ceuk pun
lanceuk : “eta aa bade ka palih tonggoh heula”.
Ka emih ceuk kuring. Kebeneran
nyebut ka pilanceukana pun lanceukteh “emih” pedah we sarerea anak, incu, katut
minantuna sararea nyarebutna “emih”. “O..ooh
muhun nya saurna enjing da nya nikeunnateh ?”. ceuk kuring :”muhun aa”. Ceuk pun lanceuk : “aa dikantun
heula,hapunten eta ngaherinan !”. “ah heunteu,teu sawios-wios.muhun manga”.
Ceuk tukang gas.
Kuring
jeung pun lanceuk tuluy indit deui mapay gang, maksud rek nuju imah anu rek
hajat tea. Tidinyateh lumayan rada jauh
meueusan jeung rada nanjak deuih. Ari
keur jongjon leumpang saeutik deui rek nepi, jol aya anu geugeuroan tina teras
:”amang, bibi bade kamarana?” yap kadarieu heula”. poknateh bari gugupay. Singhoreng
kapi alona pun lanceuk anak anu arek hajat.
Ceuk kuring : ”eta bade ka emih”. “muhun kadieu heula we atuh, bi !”
poknateh. Kuring jeung pun lanceuk
tungtungnamah nyimpang heula we unggah ka imahna,da keukeuh ngahiap-hiap. Geus dijero imah bari diuk dina korsi, ceuk
pun lanceuk :”nuju naon jang, masih nuju rineh ?”. “naon amang, nembe pisan
unggah ieuteh nembe beres masangkeun tenda”.poknateh. ceuk pun lanceuk :”o..oh,pasti keur rarepot
ketang”. “nya kitu tea gening mang” tembal kapi alona pun lanceuk. Golosor we
susuguh cai jeung opieun. Ceuk kapi
alona pun lenceuk : “sok bibi, amang dileueut..! eta si dede bilih hoyongeun
naon bi, pasihan” poknateh. Ceuk kuring :”muhun manga alo, hatur nuhun”. Tuluy
we pun lanceuk jeung kapi alona uplek ngadongeng kaditu kadieu. Kuringmah kur nagbandungan we.
Saeunggeus
rada lila ngadongeng, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah hayu atuh bilih
kabujeng sonten teuing”. “O..oh, muhun manga”. Ceuk pun lanceuk bari nangtung tuluy
pamitan ka kapi alona. Ceuk pun lanceuk : “muhun jang sanes kirang sono ieuteh,hayu
ah dikantun bade ka emih heula”. “muhun manga atuh mang,padahal engke heula we
da siang keneh ieuh”, poknateh. Kuring
jung nangtung tuluy kaluar ti imah bari nungtun budak,pun lanceuk ditukangeun
nuturkeun.
Teu
kungsi lila leumpang da puguh teu pati jauh jeung imah budaknateh nepi we ka
imahna si emih anu arek hajat tea.
Barang nepiteh si emih langsung ngabageakeun : “eh gening ujang, yap
kadarieu, yap geulis ka lebet !” si emih bari ngusap pipi budak. Kuring jeung
pun lanceuk tuluy we unggah ka jero bari gek we diuk dina amparan nu tos di
sayogikeun, jeung susuguh oge geus ngajagjrag deuih. Da puguh geus biasa kitu
dinu arek hajatmah sok geus disiapkeun,da bisi aya anu unggah tea. Ceuk kuring
: “ ka urang mana emih si nyai teh ?” “ ka urang Garut”. Ceuk si emih, bari
nyarita :” sok atuh bari dileueut !”. ceuk kuring : “ mangga emih ditampi hatur
nuhun”.bari regot kuring nginum,sakalian nginuman budak kitu deui pun lanceuk
sarua.
Saeunggeus
ngobrol ngaler ngidul ceuk si emih : ”aah da moal nanaon,ieumah sabrakkeun we”.
Poknateh. Nyebutkeun sabrakeun ari tenda
jeung panggung sakitu ngajenglaeng agrengna hareupeun rada jauh meueusan
tiimahna. Kuring kur seuri leutik. Geus rada lila ngobrolteh, sagala we didongengkeun. Bari ngareret jam dina dinding kurang leuwih
geus satengah genep, kuring noel ka pun lanceuk. Maksud nitah geura sodorkeun
amplop panyambungan tea. Pun lanceuk
kalah unggeuk maksudna ku kuring sodorkeunana.
Ari deukeut lahunan kuring aya tisu urut nyusut kesang budak. Kabeneran Siemih haritateh manehna ngaleos
heula ka dapur.
Sabot
siemih di dapur kuring haharewosan nyarita ka pun lanceuk : ”pah, geura
pasihkeun amplop kabujeng maghrib”. ceuk
kuring. Pun lanceuk nembalan :
“sanes atos ku mamah?”. “apan tadi dilebetkeun kana saku papah”. Ceuk
kuring. “sanes, pedah tadi caket mamah
aya anu bodas,manawiteh amplop tos dicandak tina saku papah ku mamah”.tembal
pun lanceuk bari kudak kodok kana saku, unggal saku kuanjeuna di rampaan. Bari pok deui nyarita :”aah, naha mamah teu
aya maplop teh? Tos dicandak meureun ku mamah”. Pokna. Kuring didinya rada nyeuneu :”ari papah
dicandak iraha atuh? apan titadi ti bumi keneh disakuan ku papah”. Ceuk kuring
mulai panik. Pun lanceuk tuluy gawena
rumpa rampa ngodokan saku bari gegerenengan :”naha kamana nya, moal kitu
murag?” ceuk pun lanceuk. Ceuk kuring
:”ah, piraku sakitu taditeh pan dikancingkeun tutup sakuna oge”. Kuring jeung pun lanceuk panik,bingung teu
kapalang…budak ngahuleng jempe,jiga nu milu bingung. Siemih ka buru norojol deui ti dapur bari
manehna geus surti yen urang kadinyateh arek nyambungan. Waktu kalah geus rek
durduran maghrib. Kuring jeung pun
lanceuk bingung anu pohara jeung era jeung reuwas amplop anu disakuanteh
euweuh.
Tungtungna
kuring jorojoy ide, noel saeutik ka pun lanceuk bari nyumputkeun ka reuwas jeung ka era, pok
kuring nyarita :” emih, abdi bade ka pa Dulman heula, aya wartosna geubis abdi teu acan ngalayad”. Ari pa Dulman teh
babaturan kuring di sakola, manehna geus
aya sababaraha poena teu ngajar, cenah gering alatan labuh. Padahal kuring kitu soteh miceun salasah kubakatning
bingung, susuganan rek neangan amplop bisi murag di jalan. Si emih nembalan : ”Muhun pa adeteh (manehna
nyebutna pa ade nyebutna ka pa Dulmanteh ) geubis teu tiasaeun mapah duka aya
dua mingguanmah, padahal enjing deui we atuh, heg tos burit kieu sareupna,jaba
nyandak murangkalih”. Ceuk si emih.
Kuring teu eleh geleng, ceuk kuring :”ah ieu meungpeung kadieu mih,
ngahajakeunmah sok sesah, wios ke kadieu deui”. Bari nembalan kituteh geus teu puguh rarasaan bakatning ku bingung, era, jeung teukuat
tikoro nyelek hayang ceurik.
Kuring jeung
pun lanceuk bari nagkeup budak, da puguh geus reup-reupan poek turun we pamitan
heula ka siemih. Sajeroning leumpang pun
lanceuk gegerenengan we bari ulak ilik di gang, bari poknateh :” mamah moal
murag dibumi siujang kitu, pedah tadi rada lami nyimpang heula”. Ceuk kuring
:”duka atuh”. Kuring dumareda teu kuat
ras ku erana ku anu rek disambungan.
Ceuk pun lanceuk :”kumaha taroskeun kitu ka siujang, bilih we murag di
bumina”. Kuring jeung pun lanceuk ngaraneg hulang huleng lebah imah kapi alona
pun lanceukteh. Ceuk kuring :”bade kumaha nyariosna,isin teuing maenya
bade naroskeun sugan aya amplop murag?”. Pun lenceuk jempe da puguh sarua
bingungna. Bari kalah ong we adzan
maghrib, dada kuring kacida nyesek eungap asa nyeri napas oge. Ceuk kuring : “ hayu we urang ka pa Dulman
heula,bari urang ngemut”. Pun lanceuk unggeuk.
Bari mawa hate
jeung pipikiran anu teu puguh kuring jeung pun lanceuk ka imah pa dulman heula
sakalian ngalayad. Nepi ka imah pa
Dulman Adzan maghrib angeusan. Saeunggeus gok jeung pa Dulman kuring jiga
anu heueuh nanyakeun kumaha kaayaanana.
Manehna nanya :”naha ibu mani sonten-sonten teuing atuh? Hawatos ieu si
dede”. Ceuk pa Dulman. Ceuk kuring :
“eta bapa puguh hapunten ieuteh ngalayad
teh ngalyad we lugag legog teu nyandak nanaon,ieu nembeteh tos ti si emih,
teras we kadieu da emut ka bapa tikamari teu acan tiasa ngalayad”. Ceuk pa Dulman : “ ih atuh ibu wios ku di
layadna oge atoh, do’ana we abdi sing enggal sehat deui karunya barudak lami
teuing dikantunkeun”. Ceuk manehna. “muhun atuh pa sing enggal damang deui”.
Tembal kuring. Pun lanceukmah jempe we
da puguh emutanana keur galau tea, Kuring oge sarua ngan pedah nyumputkeun
we. Kuring nanya deui ka pa dulman
teuing bener teuing heunteu nanyateh, ceuk kuring : “ kumaha bapateh tiasa kieu
?”. ceuk pa Dulman : “eta abditeh bade
masangkeung kenteng ari kakara naek sababaraha lengkah kana taraje, tarajena
ngolesah atuh abditeh ngagubrag labuh ti teundeut bari ieu keuneung tipalitek
misalah”. “Innalillahi, tos di lereskeun pa?” ceuk kuring. “atos ieu sakieuteh
kengeng ngalereskeun 2 kali ceuk pa Dulman”. Bari nembongkeun sukuna. “Muhun atuh pa mudah-mudah sing enggal damang
deui we”. ceuk kuring.
Kuring teu
lila da puguh geus burit acan shalat
maghrib bari pipikiran teu puguh mikiran amplop anu euweuh bari teu kaharti
euweuhna. Akhirna kuring pamitan. Saeunggeus turun ti imahna pa Dulman, budak
diakod ku pun lanceuk kuring teu kuat mani rampohpoy bari geus teukabendung
cipanon murubut ras bingungna moal manggih, sajajalan mapay gang bari kuring ceurik, kuring jeung
pun lanceuk alak ilik bisi amplop murag susuganan can aya anu manggih. Bari
jalanteh geus mimiti poek da puguh geus liwat maghrib. Kuring jeung pun lanceuk nepi ka anu tadi
tukang gas, kuring memeh nyokot gas nyusutan heula cipanon da era bisi
katingalieun ku tukang gas. Ceuk tukang
gas : “alah mani sonten, hawatos teung si dede”. Poknateh.
Ceuk kuring : “ muhun aa, hapunten…ieu hatur nuhun tos diheurinan”. Ceuk
tukan gas : “sawios teu nanaon”. “muhun
atuh mangga aa dikantun” Ceuk Kuring teu loba omong.
Samemeh kuring
ninggalkeun tempat gas,kuring jeung pun lanceukteh alak ilik kana kolongeun
bangku da bisi murag didinya, pedah tadi basa meuli gas kungsi diuk heula dina
eta bangku. Tidinya kuring tuluy balik bari anger
sajajalan ulak ilik susuganan. Bari
leumpang bari cipanon murubut deui wae, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah,
kumaha sanes artos sakedik limaratus rebu (da puguh menang badami sarerea yen ngamplopteh saratusan), urang
bade kumaha jabaning sareng amplop batur anu nitip, bade nambut-nambut kasaha
wayah kieu, jabi isin ku siemih pami urang teu kaditu deui ayeunateh, jabi
hajatna enjing”. Pun lanceuk teu nembalan. Kuring beuki teu kuat, mun teu era
ku batur hayang ceurik gagauran.
Akhirna kuring
nepi ka imah, buruan poek kitu deui di jero
imah oge pararoek da puguh lampu acan
diharurungkeun bari jendela jeung hordeng maruka keneh. Kulutrak konci panto dibuka ku pun lanceuk,
bari tuluy anjeuna ka dapur ngajingjing gas
bari ngahurung-hurungkeun lampu.
Ari kuring bari ceurik bari nungtun budak bari baceo nuju kana sapiker
aktif deukuet TV, ceuk kuring : “ da
sidik papah taditeh tidiue dirawu,……” kuring teu kebat nyarita, awahing ku
kaget kabina-bina sabab dina luhureun sapiker aktif ngajajar amplop lima siki,
anu limateh dua diluhur ngarendeng ,nu tilu handepeunana sarua jiga dijajarkeun
posisinateh. Kuring ngagorowok ka pun
lanceuk : “papaaah, naha amplopteh aya didieu?, tinggal geura ieu mani ngajajar
kieu”. Ceuk kuring antara atoh, reuwas, bingung jeung sieun. Pun lanceuk keur di dapur teu sirikna luncat
nyampeurkeun ka kuring bari nyarita :” aah, mamahmah bohong maenya asa piraku?”
pun lanceuk jiga teu peurcayauen.
“ieu tingal
amplopna”. Ceuk kuring bari nuduhkeun. Sajongjongan kuring jeung pun lanceuk
ngahuleng silih pelong bari gogodeg, teu ngarti ku ieu kajadian. Kuring istighfar sababara kali, pon kitu deui
pun lanceuk. Kuring bari ngegel biwir
bisi ngimpi, bari nyokot eta amplop hiji-hiji bari ngucap syukur ka anu Maha
Agung sanajan bari sieun kuring atoh eta
amplop aya deui, sanajan bari anger teu ngarti ku ieu kajadian. Ceuk pun lanceuk : “mah, cobi pilari bisi
eusina teu aya !”. ku kuring eta amplop
di tarawang, dipapay hiji-hiji. ceuk
kuring : “katingalnamah aya pah, sok geura tingal”. Ceuk kuring bari
narawangkeun eta amplop ka pun lanceuk. Kuring teu wani muka, kur wani narawang
wungkul da puguh amplop titipan ceuk piker kuring.
Bari bingung
keneh kuring jeung pun lanceuk buru-buru kacai maksud arek wudlu rek shalat maghrib,
anu beh ampir ka akhiran. Saeunggeus
shalat kuring sujud syukur deui ka Allah SWT, syukuran tos nyalametkeun tina ka
bingung jeung wiwirang. sabab lamun eta
amplop tuluy eueuweuh geus tangtu kuring kacida wirang jeung erana ku si
emih. Bari pinuh ku jutaan pananya dina
hate jeung pipikiran anu acan ngarti ku ieu kajadian, kuring tutap tutup
jandela. Saenggeus rengse tutap tutup, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah, hayu
urang ka si emih deui isin, mangkaning siemih tos surtieun urang bade nyambungan”.
Ceuk pun lanceuk : “hayu atuh,mengpeung acan wengi teuing”.
Teu loba pikir
nanaon kuring jeung pun lanceuk kokonci tuluy turun ti imah indit arek ka si
emih deui. Budak diakod deui ku pun
lanceuk. Ari amplop ku kuring teu sina
disakuan deui ku pun lanceuk, dicepeng we di keukeuweuk ku kuring da sieun
leungit deui. Sajajalan kuring jeung pun lanceuk teu loba omong nanaon,
leumpang oge gagancangan ku bakatning hayang geura nepi ka imah Si emih. Barang nepi ka imahna Siemih, kuring jeung
pun lanceuk api-api biasa-biasa wae teu nembongkeun kaayaan nu sabenerna ka
alaman ku kuring jeun pun lanceuk. Ceuk
kuring : “Emih, hapunten nembeteh kalah lami ngobrol sareng pa Dulman”. ceuk Si emih : “enya atuh nyaimah ah
peuting-peuting teuing, mangkaning ieu nyanyandak murangkalih, barobo we atuh
didieu”. Poknateh. Ku kuring teu
ditembalan nanaon, kuring ukur seuri leutik, bari kuring nyodorkeun amplop
panyambungan anu titipan tisarae tea. Ceuk kuring :” emih, ieuteh tisadayana we
sanes ku ageungna ieumah etang-etang tilam du’a we tisadayana kango anu bade
ditikahkeun”. “naha atuh bet kikieuan, da moal nanaon”. ceuk si emih. “aah, da sanes nanaon emih eta ogea’. Ceuk
kuring.
Geus kitu mah Kuring jeung pun lanceuk pamitan eukeurmah geus peuting ongkoh, katambah hate hemeng keneh. Singkat carita kuring jeung pun lanceuk geus nepi deui ka imah. Bari ngalungsar kuring istighfar sababaraha kali, bari dibarengan syukur ka Allah…ceuk kuring ka pun lanceuk : “teu ngartos, sidik pisan taditeh ku panangan ieu ngelbetkeun amplop kana saku papahteh, aneh gustiii”. Tungtungna kuring jeung pun lanceuk sarua ngahuleng hareugeueun ku ieu kajadian.
Identitas Penulis :

yakin asli etamah...
BalasHapus