Aneh Tapi Asli

 

REK NYAMBUNGAN BALIK DEUI

Ku : Yuyu Listiana, SP., S.Pd.

 

                Haritateh poe Saptu, sarengsena shalat ashar kuring dandan.  Geus Badami jeung pun lanceuk boga maksud arek nyambungan ka anu  hajat ngawinkeun.  Kabeneran anu rek hajat teh pilanceukanana pun lanceuk arek ngawinkeun incuna.   Sakumaha kailaharan ibu-ibu mun rek indit-inditan tara poho minimalna make haslin,wedak jeung lipstick bari tuluy ditiung.  Teu kaliwat sicikal oge didandanan ditalekan,ditiungan sarta dijeketan. Saeunggeus beres dandan, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah atos siap? hayu ah ayeuna, meh teu sonten teuing..!” ceuk kuring.  Pun lanceuk ngajawab : “hayu manga, siap” poknateh.  Ceuk kuring :”pah sakantenan bari meser gas meh teu uah uih”.  Kabeneran haritateh tabung gas geu kosong, jeung nu dagang gas teh bakal kaliwatan.  Ceuk Pun lanceuk :”muhun manga”. anjeuna bari ngaleos ka dapur nyokot tabung gas.

                Singkat carita kuring nyokot amplop anu jumlahna lima amplop,amplop kuring hiji anu opat ibuna pun lanceuk jeung raka-rakana pun lanceuk naritip.  Sebet keur dandan ku kuring amplop eta ditunda heula digundukeun dina luhureun sapiker aktif sisi TV.  Waktu arek indit amplop ku kuring dikeupeul anu limateh dirempetkeun,bari nungtun sicikal kuring kaluar ti imah.  Pun lanceuk oge sarua kaluar bari ngajingjing gas.  Cepret, panto dikonci ku pun lanceuk.

                Sarerea geus dina teras imah, Ceuk kuring ka pun lanceuk :”pah, amplopna sakuan ku papah.  Nu mamah teu aya sakuan”.  Saur pun lanceuk :”manga,sok atuh!”.  Ku kuring bus we amplop anu limateh di kana saku pun lanceukeun anu belah kenca,kabeneran haritateh pun lanceuk Makena calan PDL,jadi sakuna nu di eusian amplop teh rada handap,handapeun saku biasana.  Saeunggeus amplop diasupkeun tuluy we ku kuring ditutupkeun tutup sakuna sarta dikancingkeun.  Sarerea  tuluy arindit, kuring nungtun budak, pun lanceuk ngajingjing gas.

                Samemeh nepi ka anu boga hajat, rada jauh keneh kuring nyimpang heula meuli  gas sarta tuluy dibayar diduitan.  Samemeh indit deui ceuk kuring ka tukang gas : “aa, kumaha sawios ngaheurinan bade nitip heula?”.  Ceuk tukang gas : “manga, teusawios, naha bade kamarana kitu ?” poknateh.  Ceuk pun lanceuk : “eta aa bade ka palih tonggoh heula”.  Ka emih ceuk kuring.  Kebeneran nyebut ka pilanceukana pun lanceukteh “emih” pedah we sarerea anak, incu, katut minantuna sararea nyarebutna “emih”.  “O..ooh muhun nya saurna enjing da nya nikeunnateh ?”. ceuk kuring :”muhun aa”.  Ceuk pun lanceuk : “aa dikantun heula,hapunten eta ngaherinan !”. “ah heunteu,teu sawios-wios.muhun manga”. Ceuk tukang gas.

                Kuring jeung pun lanceuk tuluy indit deui mapay gang, maksud rek nuju imah anu rek hajat tea.  Tidinyateh lumayan rada jauh meueusan jeung rada nanjak deuih.  Ari keur jongjon leumpang saeutik deui rek nepi, jol aya anu geugeuroan tina teras :”amang, bibi bade kamarana?” yap kadarieu heula”. poknateh bari gugupay. Singhoreng kapi alona pun lanceuk anak anu arek hajat.  Ceuk kuring : ”eta bade ka emih”. “muhun kadieu heula we atuh, bi !” poknateh.  Kuring jeung pun lanceuk tungtungnamah nyimpang heula we unggah ka imahna,da keukeuh ngahiap-hiap.  Geus dijero imah bari diuk dina korsi, ceuk pun lanceuk :”nuju naon jang, masih nuju rineh ?”. “naon amang, nembe pisan unggah ieuteh nembe beres masangkeun tenda”.poknateh.  ceuk pun lanceuk :”o..oh,pasti keur rarepot ketang”. “nya kitu tea gening mang” tembal kapi alona pun lanceuk. Golosor we susuguh cai jeung opieun.  Ceuk kapi alona pun lenceuk : “sok bibi, amang dileueut..! eta si dede bilih hoyongeun naon bi, pasihan” poknateh. Ceuk kuring :”muhun manga alo, hatur nuhun”. Tuluy we pun lanceuk jeung kapi alona uplek ngadongeng kaditu kadieu.  Kuringmah kur nagbandungan we.

                Saeunggeus rada lila ngadongeng, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah hayu atuh bilih kabujeng sonten teuing”. “O..oh, muhun manga”. Ceuk pun lanceuk bari nangtung tuluy pamitan ka kapi alona. Ceuk pun lanceuk : “muhun jang sanes kirang sono ieuteh,hayu ah dikantun bade ka emih heula”. “muhun manga atuh mang,padahal engke heula we da siang keneh ieuh”, poknateh.  Kuring jung nangtung tuluy kaluar ti imah bari nungtun budak,pun lanceuk ditukangeun nuturkeun.

                Teu kungsi lila leumpang da puguh teu pati jauh jeung imah budaknateh nepi we ka imahna si emih anu arek hajat tea.  Barang nepiteh si emih langsung ngabageakeun : “eh gening ujang, yap kadarieu, yap geulis ka lebet !” si emih bari ngusap pipi budak. Kuring jeung pun lanceuk tuluy we unggah ka jero bari gek we diuk dina amparan nu tos di sayogikeun, jeung susuguh oge geus ngajagjrag deuih. Da puguh geus biasa kitu dinu arek hajatmah sok geus disiapkeun,da bisi aya anu unggah tea. Ceuk kuring : “ ka urang mana emih si nyai teh ?” “ ka urang Garut”. Ceuk si emih, bari nyarita :” sok atuh bari dileueut !”. ceuk kuring : “ mangga emih ditampi hatur nuhun”.bari regot kuring nginum,sakalian nginuman budak kitu deui pun lanceuk sarua.

                Saeunggeus ngobrol ngaler ngidul ceuk si emih : ”aah da moal nanaon,ieumah sabrakkeun we”. Poknateh.  Nyebutkeun sabrakeun ari tenda jeung panggung sakitu ngajenglaeng agrengna hareupeun rada jauh meueusan tiimahna. Kuring kur seuri leutik. Geus rada lila ngobrolteh, sagala we didongengkeun.  Bari ngareret jam dina dinding kurang leuwih geus satengah genep, kuring noel ka pun lanceuk. Maksud nitah geura sodorkeun amplop panyambungan tea.  Pun lanceuk kalah unggeuk maksudna ku kuring sodorkeunana.  Ari deukeut lahunan kuring aya tisu urut nyusut kesang budak.  Kabeneran Siemih haritateh manehna ngaleos heula ka dapur.

                Sabot siemih di dapur kuring haharewosan nyarita ka pun lanceuk : ”pah, geura pasihkeun amplop kabujeng maghrib”. ceuk  kuring.  Pun lanceuk nembalan : “sanes atos ku mamah?”. “apan tadi dilebetkeun kana saku papah”. Ceuk kuring.  “sanes, pedah tadi caket mamah aya anu bodas,manawiteh amplop tos dicandak tina saku papah ku mamah”.tembal pun lanceuk bari kudak kodok kana saku, unggal saku kuanjeuna di rampaan.  Bari pok deui nyarita :”aah, naha mamah teu aya maplop teh? Tos dicandak meureun ku mamah”. Pokna.  Kuring didinya rada nyeuneu :”ari papah dicandak iraha atuh? apan titadi ti bumi keneh disakuan ku papah”. Ceuk kuring mulai panik.  Pun lanceuk tuluy gawena rumpa rampa ngodokan saku bari gegerenengan :”naha kamana nya, moal kitu murag?” ceuk pun lanceuk.  Ceuk kuring :”ah, piraku sakitu taditeh pan dikancingkeun tutup sakuna oge”.  Kuring jeung pun lanceuk panik,bingung teu kapalang…budak ngahuleng jempe,jiga nu milu bingung.  Siemih ka buru norojol deui ti dapur bari manehna geus surti yen urang kadinyateh arek nyambungan. Waktu kalah geus rek durduran maghrib.  Kuring jeung pun lanceuk bingung anu pohara jeung era jeung reuwas amplop anu disakuanteh euweuh.

Tungtungna kuring jorojoy ide, noel saeutik ka pun lanceuk bari  nyumputkeun ka reuwas jeung ka era, pok kuring nyarita :” emih, abdi bade ka pa Dulman heula, aya wartosna geubis abdi  teu acan ngalayad”. Ari pa Dulman teh babaturan kuring di sakola, manehna geus  aya sababaraha poena teu ngajar, cenah gering alatan labuh. Padahal  kuring kitu soteh miceun salasah kubakatning bingung, susuganan rek neangan amplop bisi murag di jalan.  Si emih nembalan : ”Muhun pa adeteh (manehna nyebutna pa ade nyebutna ka pa Dulmanteh ) geubis teu tiasaeun mapah duka aya dua mingguanmah, padahal enjing deui we atuh, heg tos burit kieu sareupna,jaba nyandak murangkalih”. Ceuk si emih.  Kuring teu eleh geleng, ceuk kuring :”ah ieu meungpeung kadieu mih, ngahajakeunmah sok sesah, wios ke kadieu deui”.   Bari nembalan kituteh geus teu puguh rarasaan  bakatning ku bingung, era, jeung teukuat tikoro nyelek hayang ceurik.

Kuring jeung pun lanceuk bari nagkeup budak, da puguh geus reup-reupan poek turun we pamitan heula ka siemih.  Sajeroning leumpang pun lanceuk gegerenengan we bari ulak ilik di gang, bari poknateh :” mamah moal murag dibumi siujang kitu, pedah tadi rada lami nyimpang heula”. Ceuk kuring :”duka atuh”. Kuring dumareda  teu kuat ras ku erana ku anu rek disambungan.  Ceuk pun lanceuk :”kumaha taroskeun kitu ka siujang, bilih we murag di bumina”. Kuring jeung pun lanceuk ngaraneg hulang huleng lebah imah kapi alona pun lanceukteh.  Ceuk kuring  :”bade kumaha nyariosna,isin teuing maenya bade naroskeun sugan aya amplop murag?”. Pun lenceuk jempe da puguh sarua bingungna.  Bari kalah ong we adzan maghrib, dada kuring kacida nyesek eungap asa nyeri napas oge.  Ceuk kuring : “ hayu we urang ka pa Dulman heula,bari urang ngemut”. Pun lanceuk unggeuk.

Bari mawa hate jeung pipikiran anu teu puguh kuring jeung pun lanceuk ka imah pa dulman heula sakalian ngalayad.  Nepi ka imah pa Dulman Adzan  maghrib angeusan.  Saeunggeus gok jeung pa Dulman kuring jiga anu heueuh nanyakeun kumaha kaayaanana.  Manehna nanya :”naha ibu mani sonten-sonten teuing atuh? Hawatos ieu si dede”. Ceuk pa Dulman.  Ceuk kuring : “eta bapa puguh hapunten ieuteh  ngalayad teh ngalyad we lugag legog teu nyandak nanaon,ieu nembeteh tos ti si emih, teras we kadieu da emut ka bapa tikamari teu acan tiasa ngalayad”.  Ceuk pa Dulman : “ ih atuh ibu wios ku di layadna oge atoh, do’ana we abdi sing enggal sehat deui karunya barudak lami teuing dikantunkeun”.  Ceuk manehna.  “muhun atuh pa sing enggal damang deui”. Tembal kuring.  Pun lanceukmah jempe we da puguh emutanana keur galau tea, Kuring oge sarua ngan pedah nyumputkeun we.  Kuring nanya deui ka pa dulman teuing bener teuing heunteu nanyateh, ceuk kuring : “ kumaha bapateh tiasa kieu ?”.  ceuk pa Dulman : “eta abditeh bade masangkeung kenteng ari kakara naek sababaraha lengkah kana taraje, tarajena ngolesah atuh abditeh ngagubrag labuh ti teundeut bari ieu keuneung tipalitek misalah”. “Innalillahi, tos di lereskeun pa?” ceuk kuring. “atos ieu sakieuteh kengeng ngalereskeun 2 kali ceuk pa Dulman”. Bari nembongkeun sukuna.  “Muhun atuh pa mudah-mudah sing enggal damang deui we”. ceuk kuring.

Kuring teu lila da puguh geus burit  acan shalat maghrib bari pipikiran teu puguh mikiran amplop anu euweuh bari teu kaharti euweuhna.  Akhirna kuring pamitan.  Saeunggeus turun ti imahna pa Dulman, budak diakod ku pun lanceuk kuring teu kuat mani rampohpoy bari geus teukabendung cipanon murubut ras bingungna moal manggih, sajajalan  mapay gang bari kuring ceurik, kuring jeung pun lanceuk alak ilik bisi amplop murag susuganan can aya anu manggih. Bari jalanteh geus mimiti poek da puguh geus liwat maghrib.  Kuring jeung pun lanceuk nepi ka anu tadi tukang gas, kuring memeh nyokot gas nyusutan heula cipanon da era bisi katingalieun ku tukang gas.  Ceuk tukang gas : “alah mani sonten, hawatos teung si dede”.  Poknateh.  Ceuk kuring : “ muhun aa, hapunten…ieu hatur nuhun tos diheurinan”. Ceuk tukan gas : “sawios teu nanaon”.  “muhun atuh mangga aa dikantun” Ceuk Kuring teu loba omong.

Samemeh kuring ninggalkeun tempat gas,kuring jeung pun lanceukteh alak ilik kana kolongeun bangku da bisi murag didinya, pedah tadi basa meuli gas kungsi diuk heula dina eta  bangku.  Tidinya kuring tuluy balik bari anger sajajalan ulak ilik susuganan.  Bari leumpang bari cipanon murubut deui wae, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah, kumaha  sanes artos sakedik  limaratus rebu (da puguh menang badami  sarerea yen ngamplopteh saratusan), urang bade kumaha jabaning sareng amplop batur anu nitip, bade nambut-nambut kasaha wayah kieu, jabi isin ku siemih pami urang teu kaditu deui ayeunateh, jabi hajatna enjing”. Pun lanceuk teu nembalan. Kuring beuki teu kuat, mun teu era ku batur hayang ceurik gagauran.

Akhirna kuring nepi ka imah, buruan poek kitu deui  di jero imah oge pararoek da puguh  lampu acan diharurungkeun bari jendela jeung hordeng maruka keneh.  Kulutrak konci panto dibuka ku pun lanceuk, bari tuluy anjeuna ka dapur ngajingjing gas  bari ngahurung-hurungkeun lampu.  Ari kuring bari ceurik bari nungtun budak bari baceo nuju kana sapiker aktif deukuet TV,  ceuk kuring : “ da sidik papah taditeh tidiue dirawu,……” kuring teu kebat nyarita, awahing ku kaget kabina-bina sabab dina luhureun sapiker aktif ngajajar amplop lima siki, anu limateh dua diluhur ngarendeng ,nu tilu handepeunana sarua jiga dijajarkeun posisinateh.  Kuring ngagorowok ka pun lanceuk : “papaaah, naha amplopteh aya didieu?, tinggal geura ieu mani ngajajar kieu”. Ceuk kuring antara atoh, reuwas, bingung jeung sieun.  Pun lanceuk keur di dapur teu sirikna luncat nyampeurkeun ka kuring bari nyarita :” aah, mamahmah bohong maenya asa piraku?” pun lanceuk  jiga teu peurcayauen.

“ieu tingal amplopna”. Ceuk kuring bari nuduhkeun. Sajongjongan kuring jeung pun lanceuk ngahuleng silih pelong bari gogodeg, teu ngarti ku ieu kajadian.  Kuring istighfar sababara kali, pon kitu deui pun lanceuk.  Kuring bari ngegel biwir bisi ngimpi, bari nyokot eta amplop hiji-hiji bari ngucap syukur ka anu Maha Agung  sanajan bari sieun kuring atoh eta amplop aya deui, sanajan bari anger teu ngarti ku ieu kajadian.  Ceuk pun lanceuk : “mah, cobi pilari bisi eusina teu aya !”.  ku kuring eta amplop di tarawang, dipapay hiji-hiji.  ceuk kuring : “katingalnamah aya pah, sok geura tingal”. Ceuk kuring bari narawangkeun eta amplop ka pun lanceuk. Kuring teu wani muka, kur wani narawang wungkul da puguh amplop titipan ceuk piker kuring.

Bari bingung keneh kuring jeung pun lanceuk buru-buru kacai maksud arek wudlu rek shalat maghrib, anu beh ampir ka akhiran.  Saeunggeus shalat kuring sujud syukur deui ka Allah SWT, syukuran tos nyalametkeun tina ka bingung jeung wiwirang.  sabab lamun eta amplop tuluy eueuweuh geus tangtu kuring kacida wirang jeung erana ku si emih.  Bari pinuh ku jutaan pananya dina hate jeung pipikiran anu acan ngarti ku ieu kajadian, kuring tutap tutup jandela. Saenggeus rengse tutap tutup, ceuk kuring ka pun lanceuk : “pah, hayu urang ka si emih deui isin, mangkaning siemih tos surtieun urang bade nyambungan”. Ceuk pun lanceuk : “hayu atuh,mengpeung acan wengi teuing”.

Teu loba pikir nanaon kuring jeung pun lanceuk kokonci tuluy turun ti imah indit arek ka si emih deui.  Budak diakod deui ku pun lanceuk.  Ari amplop ku kuring teu sina disakuan deui ku pun lanceuk, dicepeng we di keukeuweuk ku kuring da sieun leungit deui. Sajajalan kuring jeung pun lanceuk teu loba omong nanaon, leumpang oge gagancangan ku bakatning hayang geura nepi ka imah Si emih.  Barang nepi ka imahna Siemih, kuring jeung pun lanceuk api-api biasa-biasa wae teu nembongkeun kaayaan nu sabenerna ka alaman ku kuring jeun pun lanceuk.  Ceuk kuring : “Emih, hapunten nembeteh kalah lami ngobrol sareng pa Dulman”.  ceuk Si emih : “enya atuh nyaimah ah peuting-peuting teuing, mangkaning ieu nyanyandak murangkalih, barobo we atuh didieu”. Poknateh.  Ku kuring teu ditembalan nanaon, kuring ukur seuri leutik, bari kuring nyodorkeun amplop panyambungan anu titipan tisarae tea. Ceuk kuring :” emih, ieuteh tisadayana we sanes ku ageungna ieumah etang-etang tilam du’a we tisadayana kango anu bade ditikahkeun”. “naha atuh bet kikieuan, da moal nanaon”. ceuk si emih.  “aah, da sanes nanaon emih eta ogea’. Ceuk kuring.

 Geus kitu mah Kuring jeung pun lanceuk pamitan eukeurmah geus peuting ongkoh, katambah hate hemeng keneh.  Singkat carita kuring jeung pun lanceuk geus nepi deui ka imah.   Bari ngalungsar kuring istighfar sababaraha kali, bari dibarengan syukur ka Allah…ceuk kuring ka pun lanceuk : “teu ngartos, sidik pisan taditeh ku panangan ieu ngelbetkeun amplop kana saku papahteh, aneh gustiii”. Tungtungna kuring jeung pun lanceuk sarua ngahuleng hareugeueun ku ieu kajadian.

           

Identitas Penulis :

Nama                            : Yuyu Listiana, SP., S.Pd.
Alamat Rumah            : Kp. Mangkalaya RT. 03 RW. 04 Ds. Pangauban
                                         Kec. Cisurupan Kab. Garut
Tempat Mengajar        : SDN 1 PANGAUBAN
                                         Kec. Cisurupan
Tempat, Tgl. Lahir      : Garut, 12 Maret 1982

Komentar

Posting Komentar

Populer

HUT ke 76 RI

PUISIKU

Seuseurian